Jumat, 08 Februari 2008

..

Simeut..

jaman kuring leutik sok resep ulin dinu bala, boh di kebon atawa di sawah. Hiji waktu usum panen sawah di tukangeun imah parena geus meujeuhna diala. Ibu –ibu nu sok buburuh manen pare geus sariap tikamarina, da lamun aya pare nu tos koneng tos meujeuhna diala the sok jebul be nyampeurkeun kanu boga sawah, terus be buburuh ngala pare jeung ngagebug nepi keun ka bedug lohor. Tah sawah the meni haneuteun nu ngagebug pare jeung nu papian, ah ari kuring jeung barudak sejen mah tara sok ngabantuan, sok kalahka rarieuteun kolotna, ngaganggu cenah. Terus be kuring mah ngalaan simeut nu sakitu reangna. Jlung jleng euntreup dina pare. Tah simeut teh dikumpulkeun dina botol atawa plastic nu geus ditiup. Tah mun geus loba the sok terus be dikumpulkeun, ari kuring mah simeut na teh sok terus be dibikeun ka babaturan nu resepeun, tah engke teh simeut sok terus digoreng, enak cenah..ah..duka atuh da can pernah nyobaan…hehehehe.

2 komentar:

Anonim mengatakan...

Naek mio asa naek sepedah, remna di stang duanana......

Anonim mengatakan...

tara emam simeut atanapi hilap deui, atanapi tos wareg teuing?